Abdi asli ti sunda mangga di baca tiheula
Kecap doggy jeung dodol.
Lamun aya nu nyarios yang ”Maneh jiga ucing” jigana moal ngambek atawa kasinggung, tapi lamun aya nu nyarios ”Maneh jiga doggy ” pasti urang-urang bakal ngamuk. Naha basa disebut ucing teu ngambek tapi basa disebut doggy ngarasa kasinggung? Salah naon si-doggy tepi ngaran-na sering jadi hiji umpatan jang nyarekan atawa jeung ungkapan rasa ambek jelema. Naha pedah doggy dianggap mahluk nu najis.
Lain didieu lain di kulon. Di negara dengen nu di kulon (Barat) atawa di negeri nu ngarasa kakulon-kulonan (kabarat-baratan) kecap doggy sanes kecap nu dipake kanggo nyarekan. Dog (doggy ) malah jadi ungkapan nu sering dipake kanggo ngamaknai nu positip. Misalna kecap "dog-fight" dipake jang istilah duel pasawat tempur, bahkan aya istilah nu paling terkenal nyaeta "dog-style" nu artina ngadamel orok.
Balik ka topik nu awal. Tapi syukur, kecap doggy akhirna ngalami parobahan makna khususna dikalangan barudak ngora, utamina di kota angeung sepertos dikalangan anak muda Kota Bandung.
Jang anak muda Kota Bandung nu funky jeung gaul kecap doggy jeung kecap dodol ngan sakedar hiji tanda baca atawa panegas kalimat. Di ESD (Ejaaan Sunda yang belum Disempurnakan) kecap doggy hanya berarti hiji tanda KOMA (pamisah kalimat), sedangkan kata dodol hartina TITIK. (Nutup hiji kalimat). Jadi ulah ngambek atawa ngarasa kasinggung lamun keur jalan-jalan di KOTA BANDUNG bakal sering ngadangu kata doggy jeung dodol dina obrolan barudak ngora.
Ameh jelas urang tingali hiji contoh dihandap ieu: "Tadi urang dahar doggy ayeuna rek ngaroko heula dodol ". Tah kalimat eta lamun ditarjamahkeun ka bahasa indonesia nu alus jeung hade hartina jadi: "Tadi saya makan, sekarang mau merokok dulu."
Tapi jang jalmi nu tingkat TOEFL ESD masih rendah pasti bakal kasulitan jang ngartikeun kalimat jiga kieu: ”ANJING AING DIGEGEL doggy dodol ”. Jigana kedah naroskeun ka Kang Ibing ameh tiasa ngajelaskeun arti kalimat eta.
Sajalan jeung kamajuan basa sunda jadi bahasa internasional kecap doggy mimiti ngalami peluluhan atawa panghalusan, kecap doggy diubah jadi leuwih sopan jadi kecap anjrit, anjis atau anjroy. Malah di daerah Bronk jiga di Water Rock (Cicadas) ngalemeskeun kecap doggy cukup ditambahkeun kecap PUNTEN. Jadi tong heran lamun aya jalma nu liwat ngomong permisina make kata nu lemes nyaeta: ”PUNTEN doggy ”. Cukup dijawab make tutur kata nu teu eleh lemesna oge ”MANGGA dodol ”.
Di tahun 1994 sayah pernah ngalakukan hiji panalitian leuleutikan (hanya ngitung wungkul) di babaturan SMA sayah di Bandung. Dina obrolan sakitar 15 menit, rata-rata kecap doggy jeung dodol kaluar leuwih ti 10 kali. Malah sayah sempet ngalakukan hiji tantangan ka babaturan lamun manehna sanggup tahan teun ngomong kecap doggy doggy dodol salama 1 jam, sayah rek mere duit 20 rebu. Babaturan sayah eta nga mampu tahan sakitar 30 menit, saeunggeus eta manehna ngobrol kaluar kecap doggy jeung dodol tanpa disadari ku manehna.
Tah sakitu heula doggy engke lamun aya waktu dilanjutkeun dodol
(Artinya : Nih segitu dulu, nanti kalo ada waktu dilanjutkan. )
Hehehehehe.. ... padahal mah sayah hoyong nyarekan nu.
Contoh laenna :
"Anjing sia kamana wae bel, geus ditungguan titadi hayu aing lelebok jajablog,"
" Calm dodol, aing keur sms-an yeuh"
"Heuh lah kumaha sia weh, aing nungguan sia dodol lila pisan"
Rabu, 25 Agustus 2010
Posted by kamarpanasblog on 13.43
0
komentar
Leave a Reply